Lyrik SYUHADA – KORUN
Jalma nu poho kana purwadaksina
Poho kadirina, poho ka Gusti-Na
Silo mata ku harta pangabogana
Waktu kalarung ku ngitung untung
Permata sagudang hariwang ilang
Diri di beubeurik ku inggis rugi
Korun, Korun, Korun, Korun, Korun
Korun, Korun, Korun ANJING..!
Jangji mun geus beunghar rek balabah
Geuning jangji tinggal janji
Kabeungharan geus ngajadi
Tong boro balabah bukti, ka Gusti ge anggur lali
Gudang harta di teureuy lemah nu ceukah
Sedeung korun aya di jero hatena
Gusti bendu ka hambana nu sarakah…!
Korun, Korun, Korun, Korun, Korun
Korun, Korun, Korun ANJING..!
